TANGKAL KAI RUNTUH DEUI DI JALAN TAMAN SARI BANDUNG

Panceg dina jam 07.57 poe Salasa tanggal 15 September 2009 atawa pohondina bulan puasa tanggal 24 Ramadhan 1430 H, isuk-isuk keneh tangkal kai anu panjangna kira-kira 25 meter , garis tengah kurang leuwih 60 cm runtuh ngadadak. Teu aya angin teu aya hujan ujug-ujug dorokdok gubrag ninggang kana jalan aspal. Untung eta jalan teh masih tiiseun keneh ku kandaraan anu sok biasana balawiri ngaliwatan di jalan eta. Malum eta jalan teh kaliwatan ku sababaraha angkot anu boga jurusannana masing-masing.

Isuk-isuk harita teh kakara aya motor anu ngaliwat anu ka kalerkeun aya 3, ari anu ka kidulkeun mah aya mobil hiji jeung motor 2 siki. Samalah aya motor anu ditumpakan ku salah sahiji lalaki anu ngabonceng awewe, kira-kira 2 meteran deui sigana mah kai ditukangeunnana geus ngagubrag, atuh kacida reuwaseunnana. Mun seug tariking cilaka mah pasti bakal katinggang ku kai anu sakitu gedena. Tapi Alhamdullilah teu aya korban anu katinggang ku tangkal kai anu runtuh eta. Padahal ieu kajadian teh tumiba geus kadua kalina. Nu tiheula mun teu salah mah dina tahun 2008. Ari bulanna mah poho deui. Gigireun pasar anyar Balubur masih keneh di jalan Taman Sari aya sabeulah kiduleun nu kajadian tangkal runtuh isuk-isuk bieu. Kajadian anu ti heula mah make aya korban sagala nu tumpak mobil tepi ka palastrana. Malahan ceuk beja mah mobilna oge tepi  kagepeng katinggang ku tangkal kai anu runtuh.

Aya usul keur ka Dinas Pertamanan Kota Bandung, kumaha lamun jalan-jalan anu dipelakan kai anu geus karolot umurna ditalungtik, dipilih mana wae tangkal kai anu geus kolot, mana tangkal kai anu masih  kuat keneh. Da ayeuna mah pazamanan teh geus  caranggih boh alat-alatna, boh para ahli pikeun nalungtikna. Ari tangkal nu geus karolot tur ropoh mah perlu pisan kudu dituar sangkan aman keur masyarakat anu lalarliwat. Tah ari tangkal nu geus dituar poma kudu di pelakan deui.

Ieu kajadian tangkal kai runtuh teh ulah tepi kajadian anu katiluna. Sok kabayang sakumahaeun teuing  lamun tangkal kai runtuh dina kaayaan jalan Taman Sari keur rame, malahan pan aya Kebon Binatang, tempat rekreasi kareueus urang Kota Bandung anu tiap poe sok aya Tourist local anu pada daratang ngajugjug ti suklakna ti siklukna pada hayang ningali sasatoan anu aya didinya. Malahan sok aya istilah ceuk kolot tea mah deuk nyaruakeun beungeut, cenah. Untung we masih keneh sepi. Tah komo sakeudeung deui pan deuk parere budak sakola kulantaran lebaran. Pasti bakal loba pengunjung anu pada daratang ngadareugdeug ka Kebon Binatang, para petugas tinangtu kudu nyiapkeun kaamanannana. Boh kaamanan fisikna boh kaamanan batinna pengunjung. Salah sahijina kaamanan sangkan tangkal kai ulah raruntuh. Sok mangga aremutan ku dinas-dinas anu terkait. Caggg… (Sasih syaum katompernakeun)

Tulisan ini dipublikasikan di Uncategorized. Tandai permalink.

Tinggalkan Balasan

Alamat surel Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

*

Anda dapat menggunakan tag dan atribut HTML: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <strike> <strong>